Sebutkeun unsur unsur k awih serta jelasken
B. Daerah
stanleyronaldit3251
Pertanyaan
Sebutkeun unsur unsur k awih serta jelasken
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Kategori Soal : Bahasa Sunda - Kawih
Kelas : VIII (2 SMP)
Pembahasan :
Kawih nyaeta lalaguan Sunda bebas anu rumpakana henteu pati kaiket ku aturan. Kusabab kawih mangrupa lagu anu miboga rumpaka, dua unsur utama anu aya dina kawih nyaeta unsur musik jeung unsur sastra. Unsur musik dina kawih umumna henteu beda jeung lalaguan anu sejenna. Tapi dina unsur musik kawih biasana ngagunakeun dua rupa tangga nada nyaeta tangga nada pentatonis jeung diatonis.
Sedengkeun umpama ditilik tina unsur sastra, kawih nyaeta karya sastra wangun ugeran atawa puisi anu henteu pati kaiket ku aturan. Sanajan kawih teu pati kaiket ku aturan, rumpaka kawih miboga unsur intrinsik nyaeta unsur tema, nada jeung suasana, rasa jeung amanat. Dina nyieun kawih oge aya sababaraha unsur anu kudu diperhatikeun, saperti unsur tema, suasana, imaji, simbol, pilihan kecap anu merenah tur endah saperti anu ngadung wirahma, murwakanti jeung gaya basa.