B. Daerah

Pertanyaan

Tolong buatkan Pidato Bahasa sunda

1 Jawaban

  • Assalamualaikum wr wb
    Langkung tipayun urang panjatkeun puji sinareng
    syukur kailahiirabbi nu mana kalayan hidayah
    sareng inayahna, urang sadaya tiasa kempel dina
    ieu tempat kalwan dina kayaan sehat walafiat.
    Para wargi anu ku simkuring dipikahormat.
    Dina ieu waktos, abdi bade nerangkeun sakumaha
    pentingna hirup sehat kanggo urang sadayana.
    Janten, urang sadaya kedah atawa wajib ngajaga
    lingkungan sareng awak nyalira pikeun urang
    sadaya tiasa ngajaga tina sagala panyakit. Ku
    margi kitu, urang kedah ningkatkeun pola hirup
    sehat kanggo kapayunna di kawitan ti ayuena.
    Dina salah sahiji hadits diterangkeun...
    Inna dhofatu minal iman
    Nu hartosna : “Kabersihan teh sabagian tina Iman”
    Tina hadits eta, urang tangtu tos ngartos maksad
    sareng tujuannana, nyaeta urang teh umat muslim
    anu ngagaduhan iman dina jero hate urang. Upami
    urang sadaya iman ka Allah, berarti urang kudu
    bersih atanapi suci tina sagala kokotor boh hadas
    alit atawa hadas ageung, nu nyebabkeun urang teu
    suci. Bersih eta sadaya teh nu didasarkeun tina
    bersihna jeung sucina urang sareng lingkungan di
    sakitar urang. Kabersihan sakola oge kudu urang
    jaga. Urang kudu mikacinta kabersihan sangkan
    hate urang ge milu bersih.
    Kabersihan teh aya marupi-rupi macemna, nyaeta
    aya bersih hate, bersih jiwa, bersih raga, sareng
    bersih rohani. Tah, urang kudu janten jalmi anu
    kaasup kana jalma anu bersih sadayana.
    Allohumma, amien... Hayu urang sami-sami
    ningkatkeun pola hirup sehat kanggo kasaean urang
    sadaya sangkan tiasa leuwih getol kana ibadah ka
    Gusti nu Maha Welas tur Maha Asih.
    Para wargi anu mulya.
    Cekap sakitu abdi nyanggakeun pihatur, pamungkas
    pisanggem, bilih aya basa anu kirang entep
    saeureuhna atanapi kecap anu kirang merenah
    larapna, mugi kersa ngahapunten.
    Wassalammu’alaikum Wr. Wb.

Pertanyaan Lainnya